Jumat, 2 Juni 2023
Sastra & Humor
Fikmin

Balik Dugem

Selasa, 21 Juli 2020

KULIAT, babatek. Carangkeul. Rét ka gigireun. Si Ganteng geus euweuh. Balikna jam sabaraha nya?
"Kamu cantik," cenah basa panggih di diskotik.
Teu papisah deui.
"Tempatmu atau tempatku?"cenah basa rék balik.
"Rumahku kosong," cekéng téh. Teu ieuh hariwang kanyahoan. Si Mamih teuing keur di mana.
Geus beurang jigana mah ieu téh. Tapi asa sarérab. Keun wé hordéng moal dibukakeun.
Jut turun. Daligdeug. Laju sibeungeut di kamar mandi.
Jedud karasa peurih dina beuheung. Dirampa jiga aya nu raheut. Bréh, getih dina curuk. Uruy ku beureumna. Panasaran dilétak. Amis.
"Ndén, na tabuh sabaraha mulih? Bibi hariwang," kadéngé tukangeun.
Tikoro garing. Halabhab béak karep. Lieuk ka si Bibi, rék nitah nyokot cai.
Kaciri urat beuheungna enyut-enyutan pikabitaeun. Rét kana eunteung. Gebeg. Sorangan euweuh kalangkangan.*

Lia Robby - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR