Jumat, 2 Juni 2023
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Budak Soméah

Rabu, 27 Mei 2020

DINA jero angkot, penumpang padedet. Komo wayah bubaran budak sakola mah. Jaba ti éta, hawa nu angkeub matak hareudang.

Gigireun kuring, ibu-ibu ngarérépéh budakna nu ceurik baé.

"Hoyong Nénén panginten Bu," ceuk kuring bari ngarérét ka ibu-ibu éta.

Si Ibu ngabetem, angger ngarérépéh budak. Tapi lain ka répéh, budak téh kalah beuki tarik ceurikna. Tungtungna mah, indungna ngéléhan, budakna tuluy disusuan bari dituruban ku samping. Teu lila, budak téh nolol deui tina samping bari pok ngomong ka kuring, "Ngaleueut A..."*

Is Tuning - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR