SAHA nu bireuk ka Dulkonang? Tato saawak-awak, bedas lir sapi bali. Kuciah héngkér, bangsa préman épés méér, wayahna nyisi.
Diriung ku usung-ésang. Diheueuhan lalakonna, didagoan pérélékna. Da jeung enyana, tara lebar ku rejeki, asal kabeuli haténa. Ngan mun dipungpang, atawa rada kasigeung, galakna lir pitbul lapar.
Ramé ngabuih, jaman di Nusakambangan, Kalisosok, Wirogunan, Bukitduri. Dulkonang raja lalanang.
“Ari harita, Boss, kumaha rasana dikepung pulisi sakompi?” kacalétot anu nanya. Heueuh, abong biwir teu diwengku.
Mureleng Dulkonang. Tihul hurung ‘na matana, beureum siki saga. Pibahlaeun. Puguh bab éta dipahing kedal, dina riungan naon baé gé.
“Ampun, Boss, ukur interméngso,” nu boga dosa acong-acongan.
Teu dipaliré. Dulkonang nyabut péso Jim Bowie.
“Hampura wé, Boss. Sarap si éta mah,” nu séjén satengah engab.
Dulkonang tambah mureleng. Congo péso diantelkeun, kana beuheung si goréng sungut.
Saréréa nahan napas.
“Tah kitu rasana, kasieun aing harita,” bari ngasupkeun deui péso kana sarangka.*
Tatang Sumarsono - kisuta.com