SABAN mencétan kitu jeung kitu. Ngagelendut. Lanceuk-lanceuk mah, tingkoléséd. Meureun boseneun, loba nu teu kahartina. Komo incu-incuna anu ti Batawi mah, tingcalengir loba kerungna. Daratangna ukur keupat eundang, balik mah meni riringkid. “Aki mah lain geus tunggang gunung deui, peupeujeuh nya, dina réngkak ngigelan jaman masing iatna. Tong resep mitineung béntang, tong ngumbar jurus padungdung, alus mun miyuni cai. Diri batur diri urang, tong wani nepak cai, lamun embung kabaseuhan. Kadé, méméh nempo kudu geus nénjo,” Si Aki meni norolang. Pok deui. Diselang ku nembang, nadoman sagala. Duméh wedalan pasantrén baheula. Dangding panggeuing matak ketir. Teu karasa cimata beueus. Nu nembang beuki haroshos. Jero. Jegroh batuk.*
Yuharno Uyuh - kisuta.com