NIKREUH. Kareueus disangkéh pageuh. Leuseuh. Sapanjang torotoar. Aya jerit tina peujit nu peurih. Ras, piwejang nu jadi akina. "Kahadé Sujang, kudu salawasna inget kana amalan kulhu." Lisanna laju norolang. Saparat-parat jalan. Lebah gebur dayeuh nu marakbak. Dicaangan mérkuri nu tihangna ting jungkiring. Rupaning warna. Wanci peuting ngareuy ka jucungna. Antaré. Nu jumerit laju simpé. Hamo weléh néangan akal. Hirup misti kebat, atawa rék sabalikna? Kandeg samet dieu. "Sing percaya, élmu nu punjul mah, Sujang. Sakola!" Dédéngéeun. Mimiti jumarigjeug. Kurang kumaha. Pirang patok kilométer tutas disorang. Wayahna, can waktuna. Kapireng sora nu réang badis siraru, awor jeung nu ting jorowok. "Mangsa euy...! Mangsa...!" Sujang teu kaburu nyaho naon nu karandapan. Sujang teu sempet nangtukeun putusanna ku sorangan. Kareueusna patulayah dina aspal. Kapécrétan pulas beureum. Laju katincakan.*
Budi Mugia Raspati - kisuta.com