Jumat, 2 Juni 2023
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Nu Arindit Ibadah

Senin, 25 Mei 2020

UKUR kahalangan ku jalan komplék, imah kuring jeung imahna téh. Pa Thomas ngaranna. Tatangga nu teu weléh muka kaca mobilna. Unggut. Imut. Teu weléh ngaragangan. Mun geus kadéngé adan, manéhna sok ngeureunkeun wangkongan. Méré lolongkrang ka kuring pikeun indit ka masigit. Tara kungsi kadéngé piring jeung gelas peupeus di imahna. Sifat barudakna nuturkeun kolotna. Bubuhan diajar di sakola Minggu. Kuring kajiret ku hirupna. Rerencepan nuturkeun. Antukna unggal poé Ahad kuring jadi mindeng sabangku jeung manéhna di tempat ibadah. Béh dieu béh dieu manéhna kawas nu embung bareng indit ibadah jeung kuring. Ka dieunakeun karék apal, basa kuring rék indit do’a misa peuting, manéhna kaluar maké sendal. Dibaju koko. Dina taktakna nyampay sajadah.*

Rudi Riadi - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR