Kuring ayeuna tangkal
kasarumahan daun-daun
leubeut jujumplukan
ngarandakah, duh, ngarandakah
na sela-sela rajegna tatangkalan
di leuweung luwang-liwung
Kuring ayeuna daun
kahibaran sorot matapoé
isuk-isuk. Celak-celak ciibun
nu eunteup na sela-sela dahan
gugurilapan, duh, gugurilapan
sinangling kembang na rungkun-rungkun
taman tengah kota
Kuring ayeuna kembang pataman, duh
kembang patamanan tengah kota
saksi ruménghapna kahirupan kota
2005
Rosyid E. Abby – kisuta.com