DASAR nu geus hideung. Bureng. Lali purwadaksina. Kapan geus kacatet. Golontor asihna nyaangan léngkah. Sulur Rabbuna. Cisocana gumenclang. Nyumiratkeun wawangi dina réngkak ringkang wawayangan. Beu! Téga, nancebkeun renyu biwir. Ngahinis nurih mamarasna. “Teu suka! Aing diborojolkeun tina beuteung nu kitu patut!” Beledag. Panto dijablogkeun. Jerit! Segruk. Langit meureudeuy. Dumadakan angkeub. Manéhna kekerelepan dina umpalan cikaséér. Hariring ayun ambing nongtoréng ngagéréan ceulina. “Ema.., ampun...!” Jumerit. Ditutur-tutur guludug. Ti mangsa ka mangsa.*
Yuharno Uyuh - kisuta.com