Rabu, 27 Oktober 2021
Sastra & Humor
Fikmin

Alun-alun Salamanca

Sabtu, 10 Oktober 2020

TI Avila ka Salamanca, bulan teu weléh alum. Méga jadi hahalang. Mobil nyemprung, meuntaskeun lamunan ka tempat mangkukna urang patepang. Ngabungbang handapeun langit Marakesh, di warung kopi Jemaa El Fana, salira ngeluk neuteup kopi nu masih ngebul. Bangun ngiring kingkin ku dongéng kuring: Urang Bogor sareng Priangan nu nyaléboran tangkal kopi ku getih sareng cisoca – baheula mangsa kumpeni maksa. “Dupi ti Bali ka Bogor sabaraha kilo?” salira naros, bangun dareuda. Di peuntas, tilu budak ngahuapkeun pizza.
Geblug panto mobil meupeuskeun lamunan. Janari geus méh datang. Alun-alun Salamanca horéng geus simpé. Ukur barudak ngora nu papasangan, silih keukeup, silih lodok, handapeun bulan. Sawaréh pating koloyong. Rék marulang ka tempat kos séwang-séwangan, nanangkeup teurab jeung lamunan séwang-séwangan. Di béh juru, salira lir ngolébat, teu weléh omat-omatan: “Sumping ka Salamanca, tong hilap ngaleueut cai téh jafaron. Matak haneut kana dada, dibarung carios nu sarupi sareng kopi: Cébor getih sareng cisoca...” Salira keukeuh haharewosan.*

Maman Gantra - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR