Rabu, 28 Oktober 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Aphrodite

Sabtu, 21 Maret 2020

MANGSA ngarambat, mangsa laju ngaliwat. Kuring keur inget ka harita. Basa halodo elat ngurunyungna. Medar deui lalakon lawas. Mireng galindengna, "Langit reueuk, gumulung méga mendung pihujaneun, geus samistina urang sabar nungguan poyan." Dina geburna cahaya panggung. "Regepkeun, aya waktuna hirup kudu hojah." Baganti ibarat usum. Ngararasakeun nyelecepna ngijih najan geus méh jauh kalangsu. Ras basa tepung munggaran, harita Anjeun keur meruhkeun rasa, "Kuring sakarat! Buka lalangséna!" Béntang pertéla. Jeung Anjeun, sagalana karasa hampang. Leupas, tan wates wangen. Nganyar-nganyari. Nuturkeun harepan jeung kahayangna. Bioskop. Bir. Seuri. Ceurik. Roko. Kalan-kalan sok resep ngajorowok teu pupuguh. Sakapeung aya alatanna, sab sudi jibrug ku késang. Pirang rintakan. Mancawura. Tug ka ngagaléntoran bari haroshos. Sawarga dunya boga nu duaan. Kitu jeung kitu. Tambah raket. Beuki raket. Leuwih raket. Ukur dina déngé, ngan bisa karampa, teu kasawang. Nyidem nu can laksana, hayang niténan pameunteuna. Anjeun, nu nuntun sagalarupana. Dina lampah hirup-hurip. Rumasa kuring mah teu bisa beunta.*

Budi Mugia Raspati - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR