Jumat, 18 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Asih nu Wening

Minggu, 17 Mei 2020

NGAWELAH hirup, geusan hurip. Nahun. Saigel. Ngawirahma dina silungna. Lain teu kabongroy ku gurilapna mamanis dunya. “Pa, sabar.., cumah, miharep célakna béntang!” pokna. Bari ngelapan késang nu ngagarajag sakujur awak. Kekecapan éta, nu teu weléh nyangkaruk dina puseuring angen.

Pasosoré. Budal pabrik. Caritana mah tas gajihan. Beu... Nikreuh muru angkot. Suku rada digusur. Nahan sapatu calawak. Dina angkot, mireungeuh babaturan. Rébo ku balanjaan. Bréh ka nu di imah. Barongkéakan.

Datang téh, wanci isa. Dibagékeun ku nu cara sasari. Imut meueut. Léndé, sangkéh. Blus ka tengah imah. Si Bungsu nu keur ngaderes Quran, giak muru nyium leungeun.

Tengah peuting muru kamer. Bari ngeukeuweuk amplop lépét. Ngeteyep. Semu rumegag. Bréh. Heuheu... “Mah, wayahna nya..,” cekéng. Teu kebat, da kaburu mantén... Meni eungap. Goréntél. Muru tatalu. Duét rénghap. Kentringna akma. Ngangkleung. Na peutingan asih.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR