Sabtu, 19 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Bagéa

Rabu, 13 Mei 2020

RANDEG, ngareureuhan. Nungguan balébat liwat. Poé ka dualas. Gasik dina waktuna, ingkah ti guha nu kari ramat lancah. Nurugtug ka lampingkeun. Nyorang tarahalna batu peteng titincakan. Muru punclut panungtungan. Bréh, lemah héjo ngémploh. Tangkal anggur jeung kebon korma. Nu dituju. Anjog. Wanci embun-embunan katojo matapoé. Pangbagéa ti saban jalma. Ka nu diraksukan bodas nyacas. Matak silo tiap ténjo. Lain jalma samanéa. Aya nu nyelengkeung, "Manéhna geus jol, manéhna geus jol!" Beuki rajol ti unggal péngkol. Jiga nu teu bireuk. Kabéh suka bungah. Laju nu diraksukan bodas pok, "Héy sakumna urang dieu! bagéakeun ieu dulur-dulur, geura silih ucapkeun salam...."*

Budi Mugia Raspati - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR