Selasa, 22 September 2020
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Basa Saur jeung Mitoha

Minggu, 3 Mei 2020

KISUTA.com - Ieu pangalaman kuring basa anyar pangantén. Masih saimah kénéh jeung mitoha. Rada asa-asa rék nyaritakeun téh, pangpangna mah kawas nu ngadagang-dagang wiwirang sorangan. Sok merebey ogé cipanon téh mun ras inget kajadiannana. Sedih kacida, pangpangna mah éra ongkoh.

Bulan puasa harita téh. Mun buka atawa saur téh ngariung berjamaah. Kulawarga besar mitoha. Ngampar. Lalaki sila mendeko, awéwéna émok andéprok.

“Nyi, Si Aa tos gugah? Tuh Apa tos ngantosan saur bareng,” kadéngé sora mitoha awéwé ka pamajikan. “Mangga Ma,” ditémbal ku sorangan bari disarung. Keun wé teu dikolor gé da buni ieuh.

Geus ngariung. Kabagéan diuk téh hareupeun pisan mitoha lalaki. Gék wé sila. Di tengah geus kumplit dahareun. Sagala aya. Boboko sangu di tengah dikuriling piring réncangna. Ngan asa teu adil, réncang sangu nu ngeunah mah kabéh hareupeun mitoha. Hareupeun kuring mah ngan coét sambel jeung lalab kacang panjang. Ari rék dungkang dongkang teu wani jauh teuing, rada éra wé deui keur mah kagok ku sarung.

“Ieu rencangna, Jang,” cék mitoha bari rada ngagésér-gésérkeun piring lauk. “Cekap Pa,” cekéng téh bari lep deui nyoél sambel nu lada pisan. Kakara béak sangu satengah piring gé geus ngacay bari seuhah.

Katingalieun pisan meureun ku mitoha. Lého lada mani ngacay. “Umbel, Jang,” cenah bari nunjuk irung uing. Era kacida. Rampang reumpeung, geuwat disusut ku sarung nu dipaké. “Oton, Jang,” cék mitoha kénéh bari pindah nunjuk palangkakan nu kasingkabkeun. Gustiii…!*

Ki Suta - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR