Jumat, 18 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Boéh

Sabtu, 25 April 2020

GEBRUG! Sora nu ngagubra luhureun lalangit. Angger lebah dinya. Pamajikan jeung barudak geus bariasa ngadéngéna. Teu ngarasa keueung deui. Mangtaun- taun ngampihan piboéheun di imah, katut parabot keur mulasara mayit sapuratina. Mun aya nu ngagebrug, éta cicirén urang lembur rék aya nu maot. Tapi sora nu cikéneh asa béda ti sasari. Leuwih bedas batan biasana. Malah imah karasa ngariyeg. Asa aya lini. “Allohu Akbar,” teu karasa kuring ngagero. Barudak pating aringhak, pamajikan ngembeng cipanon. Wanci janari leutik. Aya nu keketrok bari ngageroan. Bray, mukakeun panto. Nu ngajanteng lebah lawang ngawur pakéwuh. Teuteupna teuing ku seukeut. Ngabesét haté, niruk jajantung. Laju ratug liwat saking. “Aya nu maot. Kula rék nyokot piboéheun jeung parabot mulasara sakabéhna,” sorana geueuman. Song, buntelan piboéheun diasongkeun. Dumarégdég. Koréléng ka dapur, rék nyokot parabot paranti nyiraman. Geuning euweuh dina tempatna. Ngahuleng sakedapan, tuluy balik deui binarung ringrang. Bréh. Boéh ngampar di patengahan. Jangkep katut asiwungna.*

Ida Nurulhuda - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR