Sabtu, 19 September 2020
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Buka Waris

Jumat, 1 Mei 2020

RÉNGSÉ tujuhna, réngsé babagi takajar titinggal bapa. Sadudulur taya nu matok hancengan. Daék narima sapaméréan. Imah panggung, dihancengankeun kénéh ka indung.

“Saré baé di dieu,” saur ema.

Diheugkeun. Itung-itung giliran maturan. Rumasa jolédar, padahal sorangan téh cikal. Nu katempuhan ngurusanan bapa mangsa wuwudon mah adi. Tiluanana taya nu incah ti lembur, hirup ngandelkeun haatna leutak. Pakaya nu sacangkéwok, ku maranéhna dipolahna. Tiba cukup, jajauheun medah-meduh. Taya nu ngarasula. Béda jeung sorangan nu mulan-malén matuh di kota. Remen luh-lah humandeuar.

Maju ka peuting, hujan ngaririncik. Simpé, tapi asa jauh pitunduheun. Di luar, kadéngé nu gigilisiran kana bilik, sakapeung ngautan tihang, lebah enggon urut bapa nedunan panyaur. Keueung, tapi keukeuh panasaran.

Bray mukakeun jandéla. Aya nu ngadangong dina taweuran, bangun keur nganti putusan.

“Mending nyingkah baé, henjig téangan dunungan anyar. Uing sadudulur, geus lain jamanna dibarengan ku silaing.”

Isukna, tatangga hariweusweus. Ti lebah buruan, parat ka sisi walungan, nyareblok tapak cokor maung.*

Tatang Sumarsono - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR