Selasa, 22 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Bulan

Minggu, 5 Juli 2020

AWÉWÉ tengah tuwuh. Cindekul jeung kelun udud. Ngadago sakur nu ngaronghéap. Baju lahak liglag awak. Singkayo pingping dirungkup erok pungsat. Parfum murah. Biwir urahak. Katut kakandel wedak nilam rupa karadak. Lana. Ngalinjing jeung ririh angin. Di terminal nu merenahkeun dirina. Jadi tempat larsupna rusiah kahirupan. Rét ka langit. “Mah, muhun bulan téh éndah?” Aya nu beueus tina teuteupna. Janari terus nanjak. Reg kijang eureun. Manéhna nyampeurkeun. “Bisi rék ngahaneutan...” Ngarindat. “Yu atuh asup...” Kumétap. Kijang ngariyeg. Leungeunna tipepereket. Tujuh hégak lalaki ngaranjah sikluk harigu. Sanggeus sawatara lila. Manéhna turun. Lalanjung. Kijang ngabiur. Lalaunan. Menerkeun bajuna. Las deui wedak jeung lipstikna. Teu lila. Kurunyung dua lalaki kundang botol. “Ka angkot aing...” Manéhna unggeuk. Sapasang hégak arak negarkeun rangsadan. Kitu jeung kitu. Teuing pikeun nu kasabaraha rintakan. Ahirna. Manéhna mulang. Rumanggieung. Bangun nahan kanyeri. Gap kana lambaran duit dina kutang. Rét deui ka langit. “Mah, mun Enéng gaduh soca, meureun tiasa ningal bulan.”*

Ari Andriansyah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR