Senin, 18 Januari 2021
Sastra & Humor
Fikmin

Cai Asih

Selasa, 24 Januari 2017

SUBUH-SUBUH gujrud. Aya orok oar-oaran di pos kamling. Kokolot riweuh laporan ka ditu ka dieu. Bidan cakah-cikih ngarawatan orok, dipariksaan. Pulisi maluruh saha jelemana nu téga miceun orok. Weléh, teu meunang laratan. Ahirna kabéh satuju orok dibikeun ka Maryam, nu geus lima belas taun rumahtangga can diparengkeun boga turunan.
Maryam kacida atoheunana, orok dirawu dipangku. Ngan rada bingung kusabab manéhna téh jelema gawé. Untung, saminggu ti harita aya awéwé nanawarkeun tanaga. Érna, urang lembur jauh. Butuh pisan ku pagawéan, cenah. Nya disina cicing di imah, ngurus budak. Budak morontod, séhat. Bisaan ngurusna Érna téh sakitu ngora kénéh.
Sanajan ngurus budak mah ku Érna, Maryam kacida geténna nyadiakeun sagalarupa kaperluan budak. Ti mimiti susu nepika popok. Peré gawé kasempetan keur sosonoan, ti isuk jedur ngagugulung budak. Kabeurangnakeun, bet rungsing. Wanci manjing peuting, budak tuluy ngéar. Diasongan susu botol kalah embungeun. Érna ngaheruk, hariguna cipruk ku cai asih nu merebey teu kaampeuh.*

Aam Amarullah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR