Jumat, 27 November 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Cika-cika

Jumat, 28 Juli 2017

“ULAH salempang, Lin,” ceuk Dinar. “Aya uing,” bari nepak dadana. Sok kaubaran ari Dinar geus nyarita kitu téh. Kalimah nu ngamalirkeun sumanget keur Alin. Ti saprak wanoh jeung Dinar, hirup karasana hégar. Teu nyorangan. Unggal mangsa silihtengetkeun. Ésémés, bébéém, inbok. Tara suwung ti panggeuing jeung kedal kasono “Dinar, geura solat lohor heula!” Ésémés ti Alin. “Lin, isukan wang ngala bagja.” Bébéém Dinar. Taya poé nu kaliwat. Dinar téh ibarat béntang, sanggeus langitna leungiteun srangéngé jeung bulan. Najan ukur célak- célak, manéhna haat marengan Alin luméngkah. Silihtungtun dina trésna. Ibu, nu jadi srangéngé Alin. Sumirat satungtung poé, ngan remen katangen alum. Halimunan. Ngalanglayung. Apa mah bulan, nu ukur ngempur mangsa purnama. Réwuan peuting Apa bumetah ‘na méga burahay. Balakécrakan. Nganteur Ibu nepika tilemna. Kapaksa, Alin milu ka Apa. Nyiruruk dina pirunan kanyeri indung nu tumuluy ngaléntaban. Kiwari ngarérab béntang. Dinar undur marengan. Alin gilig rék jadi cika- cika.*

Ida Nurulhuda - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR