Minggu, 20 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Deudeuh nu Pageuh

Selasa, 26 Mei 2020

GEUGEUTNA mah angger teu robah, Mi. Ngan kawani beuki ngurangan. Teu kawas harita, basa mimiti wawuh, uing sok ngacungkeun jari tengah ka unggal jalma nu nyaram kana bangorna ieu rasa.

Harita mah uing wani meulah petengna peuting nu disimbutan hujan. Ngécagkeun capé, ngantep sakabeh kaayaan diri sorangan, sabab mancona ingetan ukur kana eta panon nu murnama.

Geugeutna mah angger teu robah, Mi. Peuting tadi ge uing cicing handapeun jandéla kamar manéh. Rerempodan. Mamanggul rasa éra bari teu eureun gumecrék, melong éta pipi nu pernah ngan sajeungkal tina ieu paneuteup.

"Hoyong tepang...." Ukur sakitu kalimah nu bisa kakirimkeun dua bulan katukang, saméméh selang inpus jeung oksigén pajuranteng maturan. Cenah uing téh koma, Mi. Ampir titik sigana mah. Tapi da geugeut mah angger. Peuting engké gé rék cicing handapeun jandéla kamar manéh. Rék nyieun sajak nu judulna Taneuh Beureum.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR