Sabtu, 19 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Di Jabal Tsur

Kamis, 14 Mei 2020

ANGIN nu ngahiur nganteur rasa nu béda. Satutas meuntas sagara kikisik. Aya gunung nu dijugjug. Lebah puncerna pisan, guha leutik némbongkeun lawang.

"Bilih aya nanaon, cuang parios heula ku abdi, Nun." Sup ka jero. Unggal kateuteup aya liang, gancang nyoéhkeun sawaréhna kaén nu dipaké. Keur nutupan.

Geus di jero. "Salira heula nu istirahat. Keun abdi bagéan jagi. Bilih nu ngarudag dugi ka palih dieu." Nu diajak nyarita ngagolér dina lahunan. Peureum.

Sabot anteng ngalahun. Kapireng sora oray tina hiji liang. Dampal suku dipake nutupan. Dipacok. Teu wani gerak. Sieun ngaganggu kanu nuju istirah. Rasa nyeri nyaksrak. Racun mapay unggal urat. Teu karasa, aya cimata nu ngeclak kana raray nu nuju reureuh. Gugah. "Duh, hapunten, Jungjunan. Gara-gara abdi obah, salira janten gugah."

"Aya naon, dulur? Bangun nu ngararaoskeun kanyeri."

Nu ditanya ngadon ngedalkeun deui rasa kaduhungna. Handeueul geus ngajadikeun panutan haténa teu kebat istirahna.

"Nembé téh aya oray, Nun."

Sampéan nu tatu diolésan ludah. Damang sapada harita.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR