Rabu, 27 Oktober 2021
Sastra & Humor
Fikmin

Dihudang Impian

Jumat, 9 Oktober 2020

MANÉHNA ngaleupaskeun keukeupan. “Teu pisan ngimpi, Kén...” lalaunan nguniang, nonggongan nu keur lalanggiran, jadi siluét nu nangtang sunsét. Halon sorana méhméhan teu kadéngé, kalis gerendeng nu ngayakinkeun dirina sorangan. “Sakieu nyatana. Laut wungu, lambak kulawu...” Laju peureum, mébérkeun leungeunna, mulut rénghap saleupasan. “Nitir ogé pan, jumelegurna?” Ngarérét ka nu keur nangkeup tuur satukangeunana. Nu dirérét saukur imut, ngalanggir deui kana samakna.
“Tapi wenang, pan... Mun urang teu ieuh rungsing ngabédakeun antara nyata jeung impian?” Si Lalaki mairan, laju ngoréjat, nyampeurkeun nu keur nonggongan. Alam dumadak jempling, ngadago terusan carita.
”Dua minggu kamari, urang teu leuwih ti dua manusa nu keur tibra dina kanyataan séwang-séwangna, saméméh digareuwahkeun ku impian nu ayeuna babarengan karandapan.” Ngusapan taktak, nyanggap damis nu terus ragrag.
Nyah nu tanggah, kalices soca. “Tong waka tibra, Kén... Tong waka hudang...” Reup deui.
Sunsét beuki déét. Basa carita kari sorana. Angin, lambak, jeung hégak, campuh dina dua siluét nu samagaha.*

Shohiba Nu'man - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR