Sabtu, 19 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Gudawang

Rabu, 9 September 2020

“PANGNYOKOTKEUN sisir luhureun gentong padaringan!” Teu talangké, nu dititah geuwat abus ka goah. “Gancang, bisi telat!” pokna. Lipen dipulaskeun kana biwirna. “Hararésé satéh!” bari ngajéwang sisir nu diasongkeun. Nyisiran. Sora kendang jeung suling patémbalan. Cenah aya dangdut jeung pasar malem di lembur peuntas. “Buru atuh!” pamajikanna nyentak bari nyingraykeun daun seureuh nu ngagegeba sisi walungan. Rusuh. Bari andiprek, salakina antaré ngawelah nepi ka peuntas. “Tungguan wé di dieu!” “Nganggap bebegig meureun ka aing téh.” Salakina ngagerentes. Sanajan bari ripuh, ahirna maksakeun nyusul pamajikanna. Anjog ka parapatan lembur, sora dangdut mingkin tarik. Sieup jeung patingkaretipna lampu korsél . Jalma pagegelek. Teu jauh ti manéhna, aya nu tingharéwos. “Nung, aya salaki manéh!” sora lalaki. Barang dirérét, pamajikanana keur pagégéyé jeung batur. “Kawas ajag kalakuan téh!” manéhna nyentak. “Paduli, naha atuh sia téh bet buntung?” malik morongos. Patinglaléos.
Haténa bohak, gudawang. Girimis nuturkeun léngkah leungeunna, mulang. Isukna guyur. Aya layon patunjang-tunjang luhureun rakit.*

Rudi Alfajri - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR