Rabu, 28 Oktober 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Gupay Kelar

Minggu, 22 Maret 2020

MANÉHNA. Si Leungiteun. Hambur waktu ku cindekul. Dipapayung méga geuneuk. Harieum. Areuy-areuyan pajurawet, ngareuy tina sirahna. Ngarurumbay. Panon teu reureuh. Gular-giler. Alak-ilik kana jero dada. Sisingkab. Weléh. Teu timu. Jauh ti dinya, dina liliuh langit katujuh. Kalbu. Nyuuh. Pupulih bari juuh cimata: "Gusti, nyanggakeun beuheung teukteukkeun." Dareuda. Rumasa teu bisa ngélingan! Cacak bedug geus ditabeuh. Tarompét récét, tingjéréwét. Angger! Teu matak nyaring pangdéngéna. "Gusti, kedah ku sora naon deui? Pikeun abdi, ngagerona." Sabot diusapan. Kapireng sora bebendon. "Saksian ku hidep!" Naraka dipentang 'na gondéwa. Belesat! Di ditu, nu ngajentul ambekanana gumelebug. Ketug jajantung tingguludug. Dadana. Bedah. Diteunggaran pirang-pirang ririwa sora, nu bedasna kawas domba aduan. Saban pori-pori. Ngagulidagkeun cimata. Gumuruh. Nyiram lemah sarakan. Dina lalantisna. Patingsurungkuy. Ruruhit. Rangseb. Niruk. Basa manéhna ambrug teu daya diendag-endag waktu. "Kalbu...! Hampura!" Cumalimba. Dibeulit rurujit satru saéstu, nu mulang malik ngajamparing. "Cintaaa! Téga teuing, ninggalkeun aing!" Girimis. Lumongkéwang. Gugupay ka nu rék nilar. Pangkat!*

Remi Sadkar - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR