Sabtu, 19 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Hanjuang

Kamis, 9 April 2020

DITUNDUNG kapeurih. Rénghap-ranjug hégakna satengahing seuseukeut eurih. Iket jeung pangsi leuseuhna geus lences. Teu kalis menerkeun gémbolan. Bari pageuh ngaranggeum sagagang hanjuang. Anggang. Narabas ka mumunggang. Rét. Ka tukang. Lembur remeng-remeng dina lamur teuteupan. Ngelemeng dina arileu baladah proyék jalan tol. Lir oray demit neureuyan umyang paré jeung runggunuk padumukan.

Kapireng deui mangpirang inghak. “Olot, tulungan! Uing kabongroy, horéng tanah dibeulina murah!” Sora Karta. “Olot, sawah déwék lapur!” Jorowok Mang Sunta. “Olot, anak parawan kami digadabah pagawé proyék!“ Jerit Bi Acih. “Olot, ka mana urang nyiruruk?” Sora balaréa. “Olot, wayahna kudu meper amarah urang lembur, tenang persénan moal ka saha..” séréngéh Lurah Dayat. Rét deui. Kana hanjuang. Meunang nilas luhur kuburan pamajikanna nu teu kaburu dipindahkeun. Kiwari sakabéhna rata disaeur.

Léngkahna. Anjog ka penclut pasir. Tutas nancebkeun hanjuang. Gék. Kunyam-kunyem. Mapatkeun parancah. Laju ngudar gémbolan. Bréh. Tarawangsa. Leungeunna. Gumeter. Gap. Lalaunan. Dikését. Melas-melis. Lagu panén nyérését dina angen jeung kakangen.*

Ari Andriansyah - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR