Selasa, 22 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Hijab

Sabtu, 9 Mei 2020

DI jero tajug. Di lebah parapatan. Nu berjama'ah magrib karék réngsé. Nu séjén geus baralik. Nyésa Kuring reujeung imam.

"Abah...sangkan haté abdi tiasa ngarasakeun amis, cikruh sareng kareueutna sholat, kedah kumaha?" Abah Tohir, nu sapopoé ngimaman, teu waka ngajawab. Ngadon nyokot lilin ti gigireun paimbaran. "Namprak!" Ceuk anjeunna. Aya nu ngeclak kana dampal leungeun. "Kumaha karasana?" Ceuk anjeuna deui. "Panas, Bah...," Kuring némbal bari ngerik urut lilin tina leungeun. "Namprak deui!" Bari asa-asa, Kuring nyumponan paméntana. Sorban nu nyampay na taktakna dibulenkeun kana dampal leungeun kuring. Lilin dikeclakkeun deui. "Karasa kénéh?" Cenah. "Henteu, Bah. Pan kahalangan ku sorban."

Anjeuna ngarénghap bari ngusap janggotna. "Haté manéh gé kitu. Kitu pisan...."*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR