Rabu, 27 Oktober 2021
Sastra & Humor
Fikmin

Impian

Rabu, 30 September 2020

PEUTING geus rék lekasan. Jemplingna mimiti peuray. Kagiridig ku sora-sora nu geus maranti. Manéhna. Anteng kénéh. Ngaheneng. Ngalenyepan sésa simpé. Antaré. Ngusapan tarang wanoja, nu ngabebengkang luhureun ranjang. Ranjang basajan, titinggal kolotna. Ranjang nu geus ngagelarkeun rupa-rupa carita kahirupan. Kaasup kahirupan manéhna. “Ranjang ieu nu geus manjangkeun lalakon urang, Lis,” pokna "tempat urang ngaroncé impian saban wanci." Teuteupna euntreup di jauhna. Dina pangpung-pangpung panineungan nu minuhan lelembutanna. "Impian, Lis, nu nyababkeun urang hirup kénéh tepi ka kiwari." Manéhna, inget kénéh pisan. Dina ranjang éta, indungna maot. Lantaran teu kaburu dibawa uubar. Bapana nu langgeng micinta, kagegeringan. Tepi ka hanteuna. Dina ranjang éta. "Kami mah embung, Lis, kudu kawas Bapa. Ngéléhan ka nasib jeung kaayaan." Dumareuda. "Satungtung bisa kénéh ngimpi, kami mo eureun lumaku. Jeung anjeun tangtuna gé, Lis." Bareng jeung laung Subuh. Regeyeng. Manéhna manggul deui ranjang. Luméngkah. Nuluykeun lampah. Ngajauhan mongkléng. Mapag sumirat impian, nu biheung nyangsang di mana.*

Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR