Kamis, 16 Juli 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Isarah

Selasa, 23 Juni 2020

GEUS réa tanda nu ngahaja ditunda. Di saban pangeunteupan teuteup. Di saban pangreureuhan reungeu. Kuduna mah surti. Kapan anjeun gé sakitu lantipna, geuning. Daria nyelap-nyelapkeun isarah dina saban aksara nu ngawangun ungkara-ungkara dumareuda. Nyumputkeun semu nembrakkeun maksud dina siloka nu pertéla. Kapan sakitu leukeunna, geuning, anjeun ngagulanggapér tineung. Malah sakapeung mah sok rajeun diropéa jadi sajak, jadi dangding, jadi bukur lamunan. Enya, réréana mah ukur jadi bukur lamunan. Kapan ceuk anjeun gé, lamunan téh palalangon tineung. Tempat nu lugina pikeun ngangon kasono. Rék dicangcang, rék dikencar, mo aya hahalang. Tapi kapan tresna mah teu cukup ku dilamunkeun. Teu cukup ku dikotrétkeun dina sajak atawa dangding. Teu cukup ku silih kirim isarah nu teuing rék tepi ka mana, teuing rék tepi ka iraha. Demi umur tuluy muguran, jeung wanci teu kungsi nganti. Isuk jaganing géto, urang bakal anjog ka tungtung lalakon. Tungtung kanyataan nu lain sakadar isarah. Urang, rék kieu waé?*

Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR