Jumat, 27 November 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Istirah

Rabu, 28 Juni 2017

"LEULEUS pisan, Néng. Nyareri saawak-awak," ceuk kuring bari lalaunan ngagolér dina risbang. "Kacapéan teuing, rupina. Atuda Akang mah unggal nu ngulem disanggeman. Kadang teu uih pisan dugika subuh." Pamajikan nyoara bari mencétan bitis ku leungeun katuhuna. Leungeun kéncana nyenyekel goréng témpé nu panas kénéh.
"Ayeuna mah istirahatkeun. Kulemkeun. Meungpeung teu ka mamana." Pamajikan nyoara deui bari ngaléos. Nuluykeun masak.
Karék gé peupeureuman. Torojol Si Bungsu nyampeurkeun. "Bapa...hayu ka kamar adé. Enggal...." Kuring cengkat. Pamajikan ukur gogodeg ningali tingkah nu jadi anak.
Sup, ka kamar Si Bungsu. "Bapa...tingali!" Manéhna mukakeun panto lomari bajuna. Kuring kagét. Ngaleketey. Kadéngé aweuhan nu babacaan. Kateuteup réwuan jalma keur towaf. "Bapa geura lebet. Urang nguriling sareng Adé. Engké pami tos ti dieu, urang lebet kana lomari Tétéh. Aya makam Kanjeng Nabi di lebetna."
Rasa leuleus jeung nyeri leungit. Biwir teu reureuh maca takbir jeung sholawat.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR