Minggu, 25 Oktober 2020
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Iteuk Wulung

Minggu, 21 Juni 2020

LEUMPANGNA satengah digusur. Ti léngkah ka léngkah, antaré naker. Paromanna nembrakkeun kacapé. Campuh jeung mangpirang rasa nu ngagolak lebah dada. Peurih, ngadéngé pangusir ti unggal panto. Padahal, ngan rék ménta sugan aya dahareun sésa.
"Pantes kénéh disebut manusa, mun geus cadu nulung kanu butuh?" Gumerendeng, ngusap hulu iteuk nu satia maturan léngkahna. Iteuk wulung, hulu naga. Gurilap..., cahya putih ngabaranyay tina matana.
Layung, hurung. Léngkahna mingkin beurat. Bru...! Antukna ngudupruk. Ngagusur awakna ka handapeun tangkal. Ruménghap. Peureum. Na pucuk tangkal, uncuing ngagelik.
"Aki..., ieu abdi gaduh cau!" Budak satepak, ngasongkeun cau tilu siki. Teu kudu mindo. Si Aki, cacamuilan. "Nuhun, Jalu...!"
Srangéngé, saré. Si Aki, ngaléngkah. Muru mumunggang pasir tungtung lembur. Ceb! Iteuk wulung dicecebkeun. Laju dibedol deui. Burial...! Kaluar cai. Mingkin gedé. Ngagulidag. Mawa taneuh jeung batu. Ngaguruh. Peuting harita, lembur kasapu caah déngdéng.
Isukna. Taya nu manggapulia. Bangké manusa jeung sato tingsoléngkrah. "Hayu, Jalu. Milu jeung Aki!"*

Éboéd - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR