Rabu, 28 Oktober 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Jentréng

Senin, 23 Maret 2020

MANEUH sukuna ngararampa jalan. Ngimpleng-ngimpleng perenah pangsilaan. Sanggeus yakin angin baris nungtun léokna lalakon. Gék handapeun caringin kurung. Memener inang jeung sepiker leutik. Miharep keclak kapimilik lebah héman tumamprak. Teu lila. Tina rawélan ramo-ramo ropoh. Tina aweuhan kacapi bobo. Rincik-rincik jentréng ngayunambing alun-alun. Melas-melis. Ngulisikkeun laguning hirup. Kapireng. Aya léngkah ngadeukeutan. Karasa. Taktakna diragap. Ngarandeg. “Bapa, damang? Ieu abdi...” Sora awéwé. “Saha nya?” Témbalna. Neges-neges. “Abdi Gina...” Sora mindoan. “Euh, Enéng ieu téh? Sareng saha?” Sapasang panon leungiteun awas. Ngeureuceum. “Muhun... Sareng pun lanceuk, tapi nuju markir heula mobil.” Simpé sakedapan. “Abdi ngahaturkeun pirang-pirang nuhun, wiréh pun lanceuk tos ditumbu umur...” Ukur unggeuk. Ngalangkang kajadian sataun kalarung. Hiji ginjalna geus diborahkeun. Pikeun nebus anakna di pangbérokan. “Kumaha ayeuna tuang putra tos bébas?” Ukur imut. “Abdi moal lami, aya peryogi...” Laju ngaranggeumkeun lambaran duit. Kéképéhan. Tapi ringkang geus ngajauhan. Ngajentréng deui. Dina ranteng kawat sajemprung. Karampa kéneh getih anakna nu ditémbak pulisi.*

Ari Andriansyah - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR