Jumat, 18 September 2020
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Jodo Keur Kuring

Minggu, 17 Mei 2020

CLAK kana angkot St.Hall-Cimahi. Langsung disampakkeun ciptaan Gusti anu éndah. Pahareup-hareup. Haté ngalenyap. Duh, Gusti...ieu kitu pijodoeun abdi téh? Mun teu mawa tongkat lipet sarta buku braille mah moal aya nu nyangka cacat nétra. Tuda alami pisan. gerak-gerikna. Ngalieukna. Cara neuteupna ka lebah kuring, teu bina ti nu normal baé. Tanpa kacapanon hideung.

Sabataé kuring neuteup manéhna téh. Meungpeung nu diteuteupna teu apaleun. Haté teu weléh lelenyapan. Keun, mun téa mah manéhna téh widadari ajangkeuneun kuring, rék ditampa. Sual kakurangana, teu masalah. Da kageulisanana geus ngaleuwihan harepan. Alloh ngalungsurkeun manéhna, minangka bukti adil-Na keur jalma nu seuseut jodo modél kuring.

Basa ditanya, manéhna ngajawab bari imut. Pondok. Halimpu. Ngageterkeun haté. Lah-lahan rék ngobrol nu daria, basa panumpang kari kuring jeung manéhna. “Boa Enéng téh jodo Akang!” Ngamimitian. Teu kebat, da manéhna kaburu nyebut ‘kiri’. Tongkatna teu dipaké.

“Punten, Kang, éta résléting lancingan muka!” pokna méméh turun, di Jalan Pajajaran.*

Rudi Riadi - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR