Sabtu, 19 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Kalangkang

Senin, 1 Juni 2020

BRAY. Panto kamar dibuka. Dipapag imut maneuh manéhna. Nu lawas teu walakaya. Ngabayakyak luhur ranjang. Sepa. Tapi kalangkang bugang guyang getih. Lana kagambar dina paromanna. “Ka mana Juragan Istri?” Pokna. Peura. “Tos angkat, Gan.” Teu dibéjakeun keur taranjang. Papuket jeung supir di kamar tukang. “Ari barudak?” Pokna deui. “Sami tos arangkat.” Gék. Gigireunna. Gap. Kana lawon haneut. Tutas dipeureut. Rintih. Panon celong jeung pipi kanyosna diséka. Ramo-ramo nahnay. Kalah nyepengan peupeuteuyan. “Taya nu miroséa, ngan manéh nu satia marengan...” Lalaunan. Dilésotkeun. Karasa. Aya nu gumuruh jero kalbu. Kalangkang. Beuki rosa ngaringkangan. Ngarongkong péso. Meulahan apel. Sapasi diasongkeun kana gumeter biwirna. “Mun waktu bisa dibalikan deui, hayang manéh nu maturan hirup pikeun salawasna...” Teu ditolih. Simbut nu nyéngléd. Dirimbunkeun deui kana dada rangkebongna. Sirahna. Nyangsaya dina lahunan. Beuheungna. Ngadangheuak. Ririh. Diusapan. Lila temen nunungguan. Ayeuna mangsana balitungan jeung waruga nu nelasan salaki. Ceg. Kana péso. Gurilap. “Geura kulem masing tibra, Juragan...”*

Ari Andriansyah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR