Senin, 18 Januari 2021
Sastra & Humor
Carpon

Kapinis Nutug

Minggu, 30 Oktober 2016

BAH AROM nanggung binih paré nu digédéngan dina tolombong. Leumpangna ngungkug. Atang incuna anjeucleung diuk dina tolombong hareup. Atang culang-cileung. Nempo kotakan sawah anu maju talandur. Sawaréh lahan téh masih diwuluku ku munding. Aya ogé ku traktor. Papatong areuntreup dina jukut teki. Bancét pating arajleng. Karawin dina sisi galengan. Simeut dogdog rokaya silih udag dina tuturus kacang. Kapinis nutug nyilorot nyamberan jangkrik cilikitét jeung colomondon. Sora cai tina kuluwung ngorocok. Angin ngadalingding ti Gunung Damar nebak embun-embunan. Galengan arula-arileu. Sakapeung manggihan saung keur reureuh patani. Matapoé sumirat meleték ti tukangeun Gunung Salamet. Langit béngras. Padang taya aling-aling bangun nu mapag poé anu gumbira keur wewengkon sawah Leuweung Kolot.
Anjog ka sawahna, Bah Arom kekerot. Ngécagkeun tolombong bari kutuk gendeng. Rét nempo kotakan sawah nu rék ditanduran téh bet garing. Bréh katingali corowokan caina aya nu mangpet ti tonggoh.
‘’Na saha jalmana nu cucungah? Hayang cai mah montong mendet corowokan batur atuh. Naon héséna ngagiringkeun cai tina solokan irigasi.’’ Ngagerendeng sorangan.
‘’Aya naon Bah?’’ Atang nanya Akina nu katingali nulak cangkéng bari nyekelan pérah bedogna.
‘’Ijang mah calik wé di dieu nya. Engké Abah ka tonggoh heula,’’ pokna.
‘’Ngiring Bah. Atang sieun.’’
‘’Sakedap deui ogé aya nu talandur kadieu geura.’’ Bah Arom ngabébénjokeun incuna.
Gidig Bah Arom indit ka tonggohkeun. Maksud rék nyampeurkeun hiji saung nu hieum ku tangkal nangka. Saungna dilingkung ku tangkal roay. Ceuk pamikir Bah Arom, palangsiang cai téh dipendetan ku Mas Pangseng, patani asal Kebumén nu sok néangan waé pasal jeung manéhna. Teuing kunaon mimitina. Aya waé gantar kakaitan sok sanajan sasalaman mah sasalaman mun unggal Lebaran ogé. Jiga satru kabuyutan. Mumusuhan lir kapanasan ku dongéng perang Bubat. Linggabuwana nu dirempug ku Gajahmada téa.
‘’Kunaon manéh Mas mendet cai kotakan urang?’’ Bah Arom ngabedega bari nyengrang.
‘’Waduh…Abdi enteu terang Bah. Sing sumpah. Nembé datang ieu ogé.’’ Mas Pangseng karacam-keureuceum némbalan ku basa Sunda logat Jawa Ngapak.
‘’Montong sok loba ngawadul sia téh. Ari sawah sia geuning aya caian? Moal néangan jurig teu kadeuleu. Boa sia mangkelukna nu nyocokan kuluwungan déwék. Ngaku siah!’’ Bah Arom nyeuneu.
‘’Éh Bah. Abdi wantun sumpah. Enteu.’’ Mas Pangseng ngangles.
‘’Montong susumpahan siah goblog! Geus jadi lalab sia mah sumpah téh. Sakali deui ngomong sumpah, dibébékeun sungut téh.’’ Bah Arom beuki garihal. Dadana rénghap ranjug. Matana seukeut badis heulang rék narekeb. Leungeunna dikeupeul-keupeul. Huntuna kekerot. Beungeutna euceuy.
Nempo ketak Bah Arom kitu, Mas Pangseng asa katincak hulu meureun. Cek kana arit nu ngagolér dina dipan. Gantawang malik nyarékan.
‘’Asu édan! Karepmu apa hah?’’(Anjing gelo!Sia hayang naon hah?)
Sebrut narajang. Aritna ditigaskeun kana beuheung Bah Arom. Atuh tong disebut muridna Éyang Wiharma, jawara lembur Pangarengan mun teu bisa ngayonan Mas Pangseng mah. Bah Arom dongko. Plos…Arit nyamos ngahakan angin. Sorana ngahiung bangbaraan. Sakolépat peureup Bah Arom ngabandul hulu angen bari suku katuhuna ngabajég. Balukarna Mas Pangseng ngagubrag awakna.
Gedeblug! Sora awak Mas Pangseng nu lintuh tibeubeut jiga nangka asak.
‘’Ngan sakitu kabecus téh, monyét! Euweuh kabéjakeunana ti baheula ogé Silat urang Sunda kéok ku silat sia!’’ Bah Arom lajag-léjég.
Atang nempokeun akina bari nyirilik nyampeurkeun. Jalma teu lila ngaronom. Pating kecewis nanyakeun aya naon. Kabéh urang lembur mah geus apal atuh saha Bah Arom. Ulah wani-wani, komo nyintreuk incuna—Atang. Sok kalahka diajak galungan. Nu rék talandur tamplok ngarogrog ngajeueung karaméan di jero saung. Mas Pangseng humarurung bari nungkupan tatu tapak teunggeulan jawara. Lar keur kitu aya Ajengan Mumu nu kabeneran rék tebar.
‘’Aya naon ieu téh?’’ Bari memener dudukuy.
‘’Éta geura Mas Pangseng néangan pucuk ti girang. Cai ka sawah kuring dipangpet.’’ Témpas Bah Arom.
Ajengan Mumu pinuh ku élmu dina bagbagan agama jeung kamaslahatan umat. Aya katerangan kumpulan hadist dina Kitab Riyadus Shalihin yén dimeunangkeun pdina tilu perkara; keur taktik perang, ngakurkeun dua urang Islam nu mumusuhan, jeung bohongna salaki ka pamajikan keur kaalusan atawa kaharmonisan rumah tangga. Ninggang dina pamanggih ieu, Ajengan Mumu ngajak diuk bareng ka Bah Arom jeung Mas Pangseng.
‘’Kieu sabenerna mah. Kuring nu salah. Basa kamari soré rék nyieun pabinihan, kotakan kuring saat. Jadi ngabendung liang cai Bah Arom tuluy dipéngparkeun ka beulah Wétan. Ngarah sawah kuring aya caian. Hampura kuring kapohoan. Sabab harita téh geus wanci Sariyak Layung bisi telat adzan Maghrib gura-giru balik ka lembur.’’ Ajengan Mumu tandes.
‘’Oh kitu Pa Ajengan?’’ Bah Arom unggut-unggutan.
‘’Muhun. Sok ayeuna mah hahampuraan. Ulah aya gantar kakaitan. Sing caang bulan opat belas. Wening galih. Silih lubarkeun kasalahan. Omat, ceuk katerangan ogé ulah leuwih tilu poé ari paséa téh. Sok hahadéan deui. Hirup di dunya ngan sajorélatan.’’
Mas Pangseng jeung Bah Arom sasalaman bari pada-pada ménta hampura. Nu nyaksian kareprok bari sareuri. Ajengan Mumu ogé ngarasa gumbira bisa ngadamaikeun nu keur gétréng. Ti saprak kajadian éta, Bah Arom jadi nyobat jeung Mas Pangseng. Samalah anak Mas Pangseng nu bungsu nu aranna Ayu dikawinkeun ka Mang Kundang adi beuteung Bah Arom.***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR