Jumat, 27 November 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Kasima

Senin, 10 Juli 2017

DI mana lawang kaluarna? Paduduaan. Ditingker undakan batu. Lumukut. Nu boa mangratus taun umurna. Bati liwung. Sanajan purnama caang maturan néangan jalan. Kalah kérok balik deui ka tempat nu tadi. “Duh, malem mingguan téh ngadon sasab di Astana..” Si Ayang dusdis ngarasula.
Jojorowokan. Susuganan aya nu datang. Combrék. Indung peuting ngalangan bulan. Geleber! Bueuk bodas ngareureuwas. Teu kungsi lila, “awas!” Si Ayang ngajéwang pigeulang. Basa seuneu dumadak ngaléntab. Teuing ti mana bijilna. Barang pareum, ana bréh hiji wanoja. Anteng diuk luhureun batu, hahariringan bari nyisiran rambut panjangna. Lalaunan dideukeutan, meleber seungit malati.
“Punten, dupi Étéh linggih di dieu?” tanya téh ngawani-wani. Manéhna ngalieuk. Borélak cangra panonna. Bati kasima. Geulisna teu manggih dua. “Aéh, sumuhun. Puguh nuju barosen ieu téh. Nembé nyurug ti Cikawali!” pokna imut. Mémérés gelungna. Ceb kondé. Laju hudang, nganteurkeun kami nepi ka lawangna.*

Shohiba Nu'man - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR