Selasa, 22 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Kembang Ceurik

Senin, 4 Mei 2020

NAIH. Ngécagkeun kujur-tumpurna sisi jalan, luhureun jukut mireumis hujan. Subuh harita, manéhna yakin hamo aya nu miroséa. Salian ti galandangan nu ngadon weureu na korsi taman, leungeun mana nu bisa diharepkeun ti katonggoyan ieu kota?

”Je veux y aller!” Omongna tadi peuting. Méméh sahabek panto dibanting. “Va t’en! Ne reviennent pas!” sentak Louis ngajorkeun, disusul toroweco nu beuki hawar kapirengna. Enya, aing rék nyingkah ti ieu naraka, tékadna.

Kari léngkah ti léngkah. Lebeng geusan pikeun unggah. Naih. Paeunteung-eunteung jeung langit peteng. Langit sageuneuk kongkolakna. Musim gugur ngawurkeun beureum-beureum daun mapel, pacampuh ibun nu nyangkrung na seuseureuh angkeutna. Laju tingkolébat:

Langit Bandung, bapana nulak cangkéng di téras imah sanggeus ngarasa kawiwirangan. Saliwat ema balilihan.

Atlantik, tilu ABK ngajega luhureun beuteungna.

Amsterdam, séréngéh John, langgan di Redlight distrik Dewallen.

Langit Paris, Louis ngampihan, jejeg tilu bulan méméh rongkah papaséaan.

“Langit dunya...,” Naih nyangigir, néangan pangeunteupan katumbiri nu lamur na sela-sela bulu panonna.*

Shohiba Nu'man - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR