Minggu, 20 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Konsumén

Senin, 25 Mei 2020

SASAT geus jadi langganan satia. Geura waé, najan sorangan keur dipaké ku sémah séjén gé, naha da kajeun ngadagoan. Tara ieuh daékeun disuluran. Kajeun meunang giliran janari, dina keur ngantri mah. Ti sagokna ogé geus panasaran. Asa mindeng jonghok tuda, welasan taun ka tukang. Pamustunganana bet wani tumanya, padahal dipahing pisan tetelepék ka konsumén téh.

“Uninga Désa Cibubuhan?”

“Apal atuh. Di tutugan Gunung Manggung, nya?”

Unggeuk. Geuning enya waé, anu baheula remen tepung di sakola. Ngalangkang deui dina kongkolak panon: butir-butir moral Pancasila.

“Apan dulur sakembaran kungsi tugas di dinya,” pokna deui. “Sabeungeut jeung sapangaresep, ngan béda pagawéan.”

Kapanasaran kajawab.

Ninggalan duit luhureun sepré, bari angger dileuwihan tina tarif, laju pamitan. Bet hayang nuturkeun, najan semet lawang kamar. Teu kebat ka luar geuning, kalah ngetrok heula panto kamar gigireun.

“Hayu! Bisi kapeutingan teuing.”

“Enggeus da ieu gé,” témbal nu ti jero.

Bray panto muka. Dedegan jeung beungeutna sarimbag pisan.*

Tatang Sumarsono - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR