Minggu, 20 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Kota

Selasa, 21 April 2020

KOTA. Ngaregéh. Diringkangkeun beurang. Bareng jeung hégak bulldozer. Backhoe. Mangpirang popongkol. Ngaranggeum langit jeung matapoé. Imah-imah kardus. Bédéng-bédéng teriplék. Gowok kontrakan. Rarangkang impian. Sarah cimata. Sarta aweuhan demi aweuhan ungkara nu ditilar galindengna. “Tulung...! Tulung...! Imah aing tong digusur!” Manéhna. Ukur ngabetem. Lana neuteup leleb pamajikanna. Ngalempréh. Ragamang. Leungeunna neueulkeun lamak baseuh kana tarang nu beuki nyongkab. Bari nyusut ciibun dina sapasang lalamur panon. “Buru kalaluar...! Imah urang geus dihuru...!” Manéhna. Nahan réwuan tatu dina kalbu. Lalaunan. Rarangsak samping dilingkupkeun kana dada nu lawas ragas. Aya kalakay réma pageuh diranggeum. “Hayu nyingkah...! Banda urang geus kakubur...!” Manéhna. Nahan nu ngagelek dina tikoro. Leungeunna ngarawél deui pipinding bédéng. Bandéra partéy. Piligenti nyimbutan raga nu beuki leuseuh. Ambekan. Ngerepan. Beuki ngerepan. Renghap ranjug. Pamungkas. Bandéra beureum-bodas. Ngarurub bangkarak raga dina tangkeupanna. Kota. Terus ngaregéh ka pancerna.*

Ari Andriansyah - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR