Rabu, 5 Agustus 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Kuring jeung Pangéran

Sabtu, 20 Juni 2020

KURING nangtung dina lawang luwang liwung. Panto najong kuring nepi ka tibabaranting ka tengah jalan. Kuring ambek. Panto jeung saimah-imahna ku kuring ditémbakkan nepi ka runtuh. Ngotoran jalan. Jalan murka, ambek nyedek tanagana teu midek, meulit ka kuring, laju ngabalangkeun kuring ka luhureun sasak. Sasak ngawakwak, nincakkan awak kuring, laju nganclungkeun kuring ka sungé. Sungé asa kakotoran, laju malidkeun kuring ka laut. Angkleung-angkleungan. Laut asa kakotoran deuih, laju ngapungkeun kuring ka langit, tapi ku langit terus didurukkeun ka na matapoé. Tutung. Laju jadi cahya anu hurung-hérang. Tapi teu lana, kuring ditémbakkeun ka na dangdaunan, nepi ka mubus ka na akar, ka na taneuh. Ku taneuh kuring dibikeun ka malaikat.
“Manéh hayang ka Naraka atawa ka Sawarga?”
“Tangtos Sawarga, pun Malaikat!”
“Lamun manéh dititah asup ka Naraka ku Pangéran, manéh daék?” ceuk malaikat.
Kuring ngahuleng. Kuring lain jalma pinter. Bodo gé henteu. Ngan bisa unggeuk. Teu lila, jol Kangjeng Nabi Muhammad SAW ngaléng kuring, ngajak ka sawarga. Kuring reuwas. Cangcaya kareureuhnakeun. Basa ngarérét ka tukang, Malaikat, Gus Dur, Gus Mus, Gus Muwaffik, jeung Gus Baha ngiceupan kuring bari seuri.*

Eriyandi Budiman - kisuta.com

 


BAGIKAN

BERI KOMENTAR