Selasa, 22 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Kuring Ngandeg

Selasa, 28 April 2020

PAPACANGAN geus aya genep bulanna. Teu pira asalna mah tina sms nyasar. Tuluy teteleponan. Jangjian tepung. Buntutna kuring jeung manèhna silih kedalkeun rasa.

Kuring bogoh nataku, manèhna ge ngakuna mah kitu. Janji rèk sapapait samamanis, ngan paragatna nyawa nu bisa misahkeun.

Rumasa percaya teuing. Asa dipikabogoh. Nepi ka mustika nu dipupusti teu dikorètkeun. Teu ukur sakali deuih.

Geus dua bulan kuring ngandeg. Hatè tagiwur lain dikieuna. Manèhna terus pleng les. Ditèang ka kosanana, euweuh nu apaleun. Dipapay ka tempat gawèna, panggih jeung babaturanana. Jiga nu reuwas kuring nanyakeun manèhna tèh.

“Kè. Iraha Tètèh pendak terakhir sareng Engkos? Da anjeunna mah tos ngantunkeun sataun nu kalangkung. Tabrakan di Nagrèg.”

Bluk we deku. Tuur leuleus teu bisa nangtung.

“Duh Gusti, ari ieu atuh orok saha? Orok naon?”

Karasa di jero beuteung aya nu ojah. Sèrèsèt...! Di jero beuteung karasa asa aya nu ngorowotan.*

Lia Robby - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR