Senin, 18 Januari 2021
Sastra & Humor
Fikmin

Lalayang ka Gusti di Jabaning Langit

Selasa, 19 Juli 2016

SAMPURASUN, salam pikeun kuring ti Anjeun.
Gus, kuring tumarima kana kadar hirup kuring ti Anjeun, ogé kadar yén kuring kudu narékahan hirup—ngarah hirup luyu jeung huripna, éta gé ti Anjeun. Sok sanajan batur hirup pakeun pakukumaha sok leuwih mangéran batan Anjeun. Kuring sadar, mangéran gunta-ganti unggal usik, itu dicokot ieu disimpen kuma butuhna, kuma jamanna. Kapan Anjeun apal, sakieu tipoporoséna. Diuk rengkung, nangtung lalanjung, ngaléngkah jeugjreug jeung jumarigjeug. Teu kaur petot pada metot, teu kaur anteng pada nyigeung. Migusti ka unggal diri, Mangéran ka unggal jalma, tunduk patuh kanu digelung, jongjon manco kanu dibendo. Ngan geuning Anjeun tara opénan, tara geureuhan; ngabaékeun, ngahempékkeun kuma karep kuring sorangan.
Ti orok beureum tepi ka ayeuna geus manjing disebut aki-aki, mangéran alakadarna. Tara ieuh ditéang, tara ieuh disaliksik, mungguh kuma raména. Atuh kamana kuring kudu balik? Barina gé kuring teu apal, kuring nu mana nu kudu balik?
Salam baktos, kuring.*

Ki Lalat Socrates - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR