Rabu, 5 Agustus 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Layung

Selasa, 30 Juni 2020

LAYUNG ngempur. Angin basisir terus ngahiur. Ngarénghapan waruga handapeun pucuk janur. Ngariabkeun lamban sinjang garutan. Tembus kana liliglag kabaya sutra bodas. Laju ngudar rumbay buukna. Tina sanggul nu lésot tina roncé manglé. “Ayeuna urang tinekanan panganténan, Kang...” Sorana haroshos dibarung imut. Aya umang ngarayap leungiteun cangkang. “Rida bakal satia ngantosan mun Akang pareng jengkar balayar...” Sorana beuki geugeut. Aya hiji ngaran dina kikisik tapak gurat rémana nu lancip. “Ulah lami teuing ngalautna...” Sakilat lambak ngalantiskeun sirna gurat. Jung nangtung. Ngalacat kana ruruntuk caruk parahu. “Rida hoyong lalayaran duaan sareng Akang...” Aweuhanna kapalidkeun galura ombak. Imut deui. Jrut turun. Lalaunan leungeun dibébérkeun. Nangtang angin. Nyeta-nyeta camar ngalayang. Léngkah ngerepan. Kukucuprakan jeung reregéh hégak. “Kang, hayu ngawang-ngawang...” Imutna beuki leleb. Sedeng satukangeun. Lebah liliuh tangkal katapang. Indungna lana nyérangkeun. Manéhna nu lawas nyorangan. Angin basisir terus ngahiur. Aya kalangkang lindu jeung caah ngaremkeun lembur opat taun kalarung. Aya genclang cimata kapulas layung panungtung.*

Ari Andriansyah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR