Jumat, 27 November 2020
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Lega Tarang

Rabu, 12 Juli 2017

GEUS sabulan lewih, Mang Odon ngangluh. Mikiran buuk nu terus murudul. Mimiti ti hareup. Lebah embun-embunan. Maju ka tengah. Ari ngeunteung sok ngagurilap. Sérab. Kalangkang tarang nu hérang malikkeun cahaya kana panon.
“Tétéla tarang beuki ngalegaan. Butak téa meureun aing téh!” Mang Odon luhlah.
Rupa-rupa tarékah kungsi dijalankeun sangkan buuk ulah tuluy pundung. Lidah buaya, urang-aring, areng lancah maung, kabéh geus kungsi diulas-alés kana sirah. Diangirkeun tilu kali sapoé. Angger wé.
“Emh dikersakeun aing hirup boga tarang lega....” Mang Odon ngangluh deui.
Tapi cikénéh mah, haténa bungah. Saprak meunang papagah ti Mama Suha, sesepuh masjid jami.
“Keun waé, Don, boga tarang lega teu kudu jadi susah. Malah kudu bungah,” kitu saur Mama Suha basa panggih keur lakon gawé ngoméan solokan.
“Baruk kedah bingah, Mama?” Mang Odon héran.
“Enya. Sabab éta tarang lega téh bakal satia maturan ka alam kubur. Jadi saksi sok dipaké sujud ku urang. Nu boa sawah lega, kebon lega, imah lega, moal teuing dibawa ka alam kubur. Béda jeung tarang lega,” saur Mama Suha.
Mang Odong ngabelenyéh bungah. Ngucap Alhamdulillah, bari ngusapan tarangna nu beuki ngalegaan.*

Usep Romli Abdul Hamid - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR