Sabtu, 19 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Lembur

Kamis, 16 April 2020

LEMBUR diranggeum hieum. Rincik hujan saukur wawakil kedalna kakeueung. Mugurkeun wanci sabudeur pakebonan. Lebah pirang-pirang cipruk hégak. Nu ngagimbung nancebkeun teuteup. Kana gundukan-gundukan taneuh beureum. Sarman. Jeung sababaraha baturna. Beuki suhud ngulangkeun paculna. Ngoréh puseur tujuan. Sapanuduh polisi jeung tim forénsik. Sanggeus sawatara lila. Tulang-taléng. Banusan bilatungan. Katut taranjang bugang nu masih beleger. Hiji-hiji diangkatan. Tarapti dikantongan. Ti dinya. Hangru nalikung sakabéhna. Nu ngagimbung beuki ngangseg. Pada-pada hayang atra. Police line nungtut pegat. Sora-sora séah. Bareng jeung gumuruh hujan silantang. Laju ambulan ngabiur. Mawa saniskara kajadian. Olah TKP diteruskeun poé isuk. Sarman. Kulimis. Ngarahuh. Nyawang léngkah-léngkah nu terus anggang. “Man, ceuk polisi, bugang téh kabéh awéwé...” Sora Mang Kirta. Haroshos. Sarman. Ukur unggeuk. Jung. Nangtung. Balik nuturkeun nu séjénna. Teu lila. Anjog ka imahna. Tutas beberesih. Gék dina biwir ranjang. Ngahuhuleng. Negarkeun lamunan ka luareun jandéla. Ngarénghap panjang. Gap. Kana sepré. Lalaunan. Disingkabkeun. Bréh. Warna-warni calana jero. Piligenti. Diseuseup. Teleb.*

Ari Andriansyah - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR