Minggu, 1 November 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Lengis Kasimpé

Senin, 17 Agustus 2020

TEU pira. Pédah hayang perhatian ti nu jadi bapa, taya niat nelasan pati sorangan. Saprak Mamih mulang ka Rotterdam, saprak maranéhna pipisahan, Papih pireu. Kari segok brandewijn tina sungut rumahuh nu nyerebungkeun Albani. Mindeng kapireng tingcikikik. Paling jeung Si Anne, ublag indo nu rajeun nyangkéh Papih sakalina mulang weureu ti Bragawég.
Teu pira. Sakoét silét lebah pigeulang. Naha bet kieu kajadianana. Getih terus ngemplang dina wastafel. Teu kaampeuh merebeyna. Dumarégdég. Lungleng. Jumerit satakerna. Nyambat Papih, teuing ka mana. Réhé. Anging eunteung némbongkeun beungeut nu mingkin sepa.
“Pappie...! Ik stervende...” nginghak. Tapi Papih tumorék. Kalah terus rambisak sabot ngasupkeun poto kana belat. Ti harita teu kungsi panggih deui.
Terus imah gunta-ganti pangeusina. Tionghoa, inlander sababaraha kali, laju kosong nepi kiwari. Ngawani-wani lumengis ka maranéhna, kalah lumpat atawa kapaéhan. Samalah jadi carita. Cenah getih, sada nu ceurik, atawa noni walanda dina eunteungna. Taya nu surti. Kari simpé, jeung sapelong copong tukangeun jandéla.*

Shohiba Nu'man - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR