Senin, 18 Januari 2021
Sastra & Humor
Fikmin

Longkéwang

Kamis, 1 September 2016

TEU aya sora anjing babaung. Purnama keur nanjak mulang. Na tungtung ranjang. Sora budak lalaki kapireng, “Abdi téh salira, Mang!” pokna lancang. Ngagalantang. Ngudar laku nu lawas ditalikung. Nataan lalakuan katukang-tukang. “Masing émut, Mang!“ matak katalimbeng. “Piraku rék siga waé uing!” Ngagantawang. Napakkeun pirang-pirang kakeueung, ngagaraleng. Pikir ngacacang. Ngideran mangsa nu ngarayap gancang. Neumbagan dingding nu pulas peuting. Rénghapna ngalagu kamelang. “Abdi téh salira, Mang!” semu rungsing. Jempling sakeudeung. Tuluy ngalanglayung. “Badé anteng waé ulin, Mang?” Budak dijéwang. Ditinggang. Hantem ditinggang. “Gandéééng!” carékna matak muriding. Ngaraga meneng. Basa katémbong aya aki-aki nyolongkrong. Kulitna karisut teuing ku garing. Soca gangas ngaburileng. “Uing téh silaing!” Ngagorolang. Nembrakkeun mangsa-mangsa nu can kasorang. “Dosa silaing!” Si Aki nuding. Tuluy aki-aki jeung budak silih pelong. Imutna ngemu katineung. Mulang. Ngantun nu liwung humarurung…*

Remi Sadkar - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR