Senin, 18 Januari 2021
Sastra & Humor
Fikmin

Mahar

Sabtu, 17 Desember 2016

SALAPANLAS rébu. Handapeun anggel. Nu saha? Ah, teu ieuh jadi pikiran. Sup, kana lokét. Sok, luhur méja. Golédag, ngareureuhkeun awak. Manjing tengah peuting, bet diheumpik kakeueung. Séah angin motah. Hawar-hawar ngalanglaung sora ajag. "Andini, bojo Akang...." Bréh, nu ngadeg hareupeun werat méré imut. "Bojo?" kuring uleng. "Nampi mahar salapanlas rébu?" Gebeg! Handapeun anggel! Beuki lila silih teuteup, bet asa kaparabunan. Beuki adek. Manéhna meulit, ngagaléntoran. Kumalayang. Nyacapkeun asih apung-apungan. Inggeung sakedapan. Reup, ngageubra na tangkeupannana.
Wanci balébat. Nguniang. Rumpa-rampa. Euweuh baju nu nyangsang na awak. "Radén Bimanagara...." aya nu ngembeng na kongkolak mata. Rét, lebah jandéla aya salasah. Enya, salasah manéhna. Nu dipaluruh suwung, teuing kamana ngaléorna. Lah, mun seug euweuh beurang...*

Bunda Unie - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR