Minggu, 20 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Manéh

Jumat, 5 Juni 2020

SUMPAH, sing daék demi! Resep kénéh ngabandungan lalakon baheula. Nu pajar ceuk manéh, tinggaleun jaman. Karasana ku uing, tingtrim!
“Urang, nu kudu ngudag jaman. Kudu obah! Jiga tuma. Luncat ka ditu-luncat ka dieu. Mun perlu lolondokan!” Manéh, aléwoh. Ngabuih, ngahatéan, sangkan kabongroy. Uing ngan ukur heueuh-heueuh bueuk.
“Hésé, ngomong jeung manéh mah. Tara nyambung! Matak, tong resep ngotok-ngowo. Ngan ngahékok waé! Kudu pinter ngatur léngkah, jiga maén catur. Mencar...! Motékar...! Mun hayang kawentar!” Burial buncelik, bari pepeta.
“Meunggeus ah, gandéng! Tong maksa mirusa pamadegan uing!” Ampir kasoran. Nu digebés nyenghél. Huntuna mérés, cekas. Nyari!
Pleng. Lawas teu pajonghok. Aya rasa kangen nyaliara. Di mana, manéh? Keur naon? Jiga kumaha ayeuna? Lebeng.
Pangangguran. Cetrék. Sakolébat kebat liwat. Ditelek-telek. Moal kapalingan, sanajan lingsig tur ginding. Rigigna, codét gadona. Nyeplés! Teu dipiceun sasieur. Manéh...! Enya, manéh! Ngeluk. Maké baju kelir gedang asak. Meungpeun.*

Nena Cunara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR