Jumat, 18 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Manéhna, Lalaki nu Datang ti Puhu Jaman

Sabtu, 16 Mei 2020

SAHA, ti mana asalna? Jalma tinggerendeng nyawalakeun, Manéhna. Kembanglambé pajamanan. Lalaki nu nyumput dina rembetna rungkun ungkara. Parangi mancalarupa. Nyiliwuri di lulurung sasakala.

Handapeun kakayon nu ngarangrangan. Tempat baheula, Manéhna nyumputkeun dosa. Hiji kuburan leutik. Nunggelis lukutan. Rey! Amarah kasuat deui. Ngawahan mundur saléngkah. Jedug! Tetenger ditalapung. Cleng! Ragrag di gawir wanci. “Aing teu butuh bihari. Mun perlu pagéto dipeureut jadi ayeuna!” Nini Antéh nu nyakséni. Hareugeueun ngusap dada.

Gejlig! Manéhna tuturubun. Ngaberung ka ujung lembur. Langgéor si Kembangjaksi. Sinjang dilamban boéh rarang. Rumingkang antaré, ngarérét haré-haré. Deg! Mepeg angen, nyasaak bayah. Manéhna. Ngeleper deku. “Tubaaaahh..! Aing teu kuaaaaat! ” Ngajambak buuk satakerna. Brol! kulit sirah arucutan. Ramo ngaranggoas, ngarakrak iga. Diranggeum. Brel! dirabut. Bungkeuleuk haté lagedu bau hangru. Tés tumétés nanah nyarakclakan. Diacungkeun, sinambi tanggah, “Hutang haté, bayar haté. Ambu..! Kula teu wasa nandang supata..!” Bluk nyuuh. Taktakna oyag. Jarum wanci tingkecewis. Ngaléos ninggalkeun Manéhna di congo jaman.*

Helmi Pakudjati - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR