Rabu, 25 November 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Muru ka Gusti

Minggu, 3 Mei 2020

SORA adan magrib ngalanglaung, melas-melis. Bet kakaraeun nyeuit kana ati. Rumasa geus heubeul jauh ti masigit. Teu ari balas asruk-asrukan dina rembetna areuy kahirupan nu leubeut ku léléwa jeung gogoda. Kop kana kopéah jeung sajadah, maksakeun berjama’ah di masigit. Ngaléngkah saged, biwir teu eureun maca istighfar miharep dihampura dosa.

Kasampak shaf ukur tilu jajar. “Lumayan masbuk ogé.“ cékéng. Sajadah diamparkeun, maca takbir. Panon museur kana hiji titik, narékahan sangkan husu sholat. Nojo gambar béntang, pulas konéng. Beuki lila, katinggalna mingkin umbyang. Disidik-sidik siga kuéh nastar, susuguh mapag poé lebaran taun kamari. Jieunan pamajikan. Gara-gara kuéh nastar, kuring paséa rongkah jeung manéhna. Masalahna teu pira, kahayang kuring téh sésakeun dua kéler keur oléh-oléh dina waktu mudik. Manéhna teu panuju, “keur oléh-oléh mah meuli di jalan!” pokna keukeuh. Lamunan macangkrama kamamana.

Hawar-hawar kareungeu Imam awéh salam. Sorana niruk jajantung. Kudrupuk sujud, sumegruk. “Sesah geuning, Gusti...!” Cimata ngagulidag teu kawadahan.*

Rudi Alfajri - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR