Selasa, 22 September 2020
Sastra & Humor
Fikmin

Ngaderes Tresna

Rabu, 22 April 2020

TEU apal, kudu kumaha jeung ti mana ngamimitianana. Basa munggaran muka lambaran, paadu hareupan. Sanggeus salila-lila ukur bisa ngamalirkeun kangen dina keyembengna panineungan. Sabab anjeun nenggang ti kuring, saperti lemah jeung langit, atawa Masyriq jeung Maghrib.

Teuing ku béngras matapoé isuk-isuk harita. Ngalangkang ‘na hégar pameunteu anjeun, nu bihari ngan témbong dina implengan. Haneutna nyaliara. Mapagkeun ka halteu pangeureunan, meuntas geugeut nyingkahan lewang dina juriwetna patalimarga. Awor jeung gumuruh jeroeun dada. Pileumpangan sarupa patamanan, kembangna sumedeng laligar.

Asih wening nu maneuh diwiridkeun unggal wanci, ahirna mah nganteurkeun kuring ka muhara rasa salega-legana. Nepi ka rohangan nu mirupa sagara. Anteng angkleung- angkleungan nalika anjeun ngeuntreupkeun teuteup. Lambak karasa ngagalura, ngagulung liwung ketug jajantung. Lain, lain keur ngimpi. Sidik anjeun mapaykeun usap.

Urang balayar, handapeun langit nu angkeub ngemu kaceuceub. Gelegerna, jorélatna, ngageubig-geubig parahu. Hayang pageuh, dina liliuh rangkulan anjeun.

“Pangnyieuhkeun ieu keueung, Ra!”

Méméh nedunan panggero sono, muka lambaran nu satuluyna.*

Ida Nurulhuda - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR